Twitter @mypangandaran Follow @mypangandaran Facebook myPangandaran Komunitas Orang Pangandaran
Artikel Cerita Bahasa Sunda
Muara Cileutik Nu Tinggal Saeutik
Oleh Adi SumaryadiMinggu, 28 November 2010 09:09 WIB | Dibaca 5.417 kali
Muara Cileutik Nu Tinggal Saeutik
Isuk-isuk keneh harita poe minggu kuring jeung babaturan geus tatan-tatan ek indit ka hiji tempat anu jadi tempat ulin barudak harita, nyaeta muara cileutik. Tempatna haritamah bersih jeung endah keneh sanajan kadang kotor ku runtah kayu anu kabawa cai ti kaler. Cileutik teh salah sahiji tempat anu sabenernamah ngarana bulaksetra, aya oge anu nyebut muara cikidang. Eta tempat teh dipastikeun bakal rame mun musim munggahan atawa sapoe saencan datangna bulan puasa, nya pilihan sejen salain ti Matras atawa bendungan cai anu aya di Cikulu desa Sukahurip.

Kuring jeung babaturanteh moal aya deui tujuan kaditu nyaeta ngojay bari neangan remis atawa kerang tea mun urang kota nyebutmah, biasanamah rea oge warga sabudeureun cileutik anu ngegejoh-gejohkeun suku kana pasir bari teuleum, salah sahiji cara anu bisa ku urang dipigawe keur neangan kerang tea. Ngojay anu jadi kebiasaan saban minggu mun teu saban sore pastina teu kaliwat, kadang kuat tepika dua jam ngojak dina cai asin tepika baleureum. Mun keur teu musim remis, kuring jeung babaturan kapaksa neangan tiritip, nya sajenis kerang keneh ngan pedah neanganana butuh perjuangan da seukeut tea cangkangna, kadang kudu kaluar getih. Tapi perjuangan eta bakal kaubaran mun geus bareng-bareng jeung babaturan kumpul bari dudurukan taritip. Uhhh...seger pisan rasana, komo anu setengah mateng.

Ayeuna Cileutik teh sasatna tinggal kenangan, aya proyek pemerintah anu tujuanana nyaeta ngajieun pelabuhan sangkan parahu anu di laut kulon bisa dikumpulkeun di hiji tempat, daek teu daek da demi kabersihan sisi laut pangandaran warga kudu bisa narima. Pamandangan cileutik geus beda pisan ti taun ka taun, anu harita hirup di taun 90-an dipastikeun bakal pangling pisan ka ieu tempat. Cileutik tinggal saeutik, kadang bingung beh mana ieu cileutik anu baheula....
Baca Juga Artikel Cerita Bahasa Sunda Lainnya:

Print PDFPDF ArsipArsip RSSRSS

Anda ingin mengirimkan Artikel ataupun menjadi Citizen Journalism? anda bisa mengirimkan Artikel kepada kami melalui fasilitas Kontribusi Berita



Anda dapat memberikan komentar tentang Muara Cileutik Nu Tinggal Saeutik dengan menggunakan form dibawah ini .





 Notifikasi via email jika ada yang komentar


Serunya Menikmati Pantai Pangandaran Dari Atas Kuda
Serunya Menikmati Pantai Pangandaran Dari Atas Kuda
Ada banyak cara untuk menikmati indahnya pantai Pangandaran salah satunya menunggang kuda.Menunggang kuda di pantai Pangandaran apalagi sambil menyaksikan Matahari terbenam, hmmm..susana yang sangat indah dan takan terlupakan
Sinar Rahayu 1
Hotel dan Penginapan
Sinar Rahayu 1
Bila anda ingin meraskan kenyamanan menginap di hotel dengan harga terjangkau,serta kenyamanan serasa di runah sendiri.Hotel Sinar Rahayu 1 adalah pilihan tepat.Sekitar 300M menuju Pantai Pangandaran